Friday, December 19, 2008

Duh Gusti

kamari-kamari basa browsing di warnet mendakan ieu lagu nami filena mah TOBAT MANG :p nu nyanyina teh Nining Meida AS, lumayan eusina rada nyerepet kanu manah :) rumasa meureun nya , cobian didangukeun bari ngemut-ngemut laku lampah nu atos-atos he he he ( hmmm.. dupi di blogger tiasa unggah file teu nya? hapunten sateuacan na nembe tiasa masihan text na eta oge , masih seueur anu lepat sigana mah dah kumaha nya , tos lami teu nyarios sunda the komo ieu anu lemes matak waas lah pokokna mah. bilih aya anu terang text asli na mangga di haturanan linggih ka rorompok eh di haturanan ngalereskeun kitu. sok ah

Gusti by Nining Meida

dipikir di bulak balik,
kuring hirup teh geus lila
tapi loba salah tincak,
mana hanca tumarima

didunya hirup ngumbara
teu nyaho nu sabenerna

tunggul di larung carang di lampah,
hirup lamokot ku dosa

diri eling paguguling ,
kaduhungna mah ayeuna
ibadah can bisa,

amal oge acan boga

duh Gusti nu Maha Agung,
mugi pituduh ka abdi,
abdi sumujud ka Gusti
ampun Gusti

2 comments: